Naon nu ngabedakeun carita pantun jeung wanda carita sejenna

Show

29 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XII ku sababaraha bagian; aya bagian rajah, bagian déskripsi, bagian narasi, dialog jeung monolog jeung rajah panutup pamunah.

1. Rajah

Bagian rajah téh biasana sok ditembangkeun ku juru pantun saméméh mangkat carita. Eusi rajah mangrupa sanduk-sanduk ka karuhun lantaran rék ngamimitian mantun. Sanduk-sanduk téh hartina ménta idin, ménta pangraksa jeung pangriksa ti nu ngageugeuh éta lembur sangkan saralamet. Ménta kasalamétan téh lain keur nu dipangmantunkeun baé tapi kaasup nu mantun jeung nu lalajo éta pantun. Nilik eusina, rajah téh lain mangrupa bagian tina carita. Tapi sanajan kitu, mangrupa bagian penting dina pantun. Rajah mangrupa salah sahiji ciri utama anu ngabédakeun carita pantun jeung seni sastra séjénna. Nu matak pantes upama aya nu nyarita, lain carita pantun upama euweuh rajahan. Rajah téh salilana aya di bagian awal carita pantun. Aya nu panjang, aya nu pondok deuih. Panjang-pondokna rajah jeung béda-bédana rajah henteu gumantung kana carita nu dilalakonkeunana, tapi leuwih gumantung ka juru pantunna. Sanajan caritana béda, upama dilalakonkeun ku juru pantun anu sarua, bisa jadi rajahna ogé henteu béda. Conto rajah pamuka dina carita pantun Lutung Kasarung: Bul kukus mendung ka manggung, ka manggung neda papayung, ka déwata neda suka, ka pohaci neda suci, kuring rék diajar ngidung, nya ngidung carita pantun, ngahudang carita wayang, nyilokakeun nyukcruk laku, Di unduh dari : Bukupaket.com 30 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XII nyukcruk laku nu bahayu, mapay lampah nu baheula, lulurung tujuh ngabandung, kadalapan keur disorang, bisina nerus narutus, bisina narajang alas, da puguh galuring tutur, ngembat papatan carita, ti mendi papisinieun, ti mana pacaritaeun, teuteureuh ti kahiyangan, ditandéan cupu manik, cupu manik astagina, dituruban ku mandepun, diteundeun di jalan gedé, ditunda ku nu ngaliwat, ku nu weruh di semuna, ku nu terang bujaksana, ku nu rancagé di angen, dibuka patinghaleuang, nu ménta dilalakonkeun, cag teundeun di handeuleum sieum, tunda di hanjuang siang, paranti nyokot ninggalkeun. Dicutat tina Panca Warna IIA

2. Narasi

Naon nu ngabedakeun carita pantun jeung wanda carita sejenna

...Kuring ngan ukur bisa nuturkeun naon mama jeung papa. Naha anjeun terang? Kami kuciwa. Hate Solo sabab loba nu teased kuring ngeunaan rambut. Kuring ogé teu kawas di Solo. Enya tapi kumaha bisa urang...

Naon nu ngabedakeun carita pantun jeung wanda carita sejenna

...ang menarik yang membahas CONTOH PANTUN PEMBUKA SAMBUTAN, PIDATO, CERAMAH, MC, MODERATOR, PERSENTASI. Langsung saja tante dan om melihat Mp4nya berikut ini: pantun ini diambil dari: manjakan.com dengan...

Wawacan
Wawacan nyaéta jenis karya sastra (boh fiksi atawa non-fiksiSunda nu wangunna nuturkeun pola pupuh. Seni macakeun wawacan sok disebut beluk. Kecap wawacan téh asalna tina kecap 'waca' anu hartina 'maca', ku kituna bisa disebutkeun yén ayana wawacan di tatar Sunda téh sabada masarakatna geus barisaeun maca, umumna di kalangan pasantrén jeung para ménak.Wawacan mangrupa carita anu didangdingkeun jeung digelarkeunana dina puisi pupuh. Ditilik tina wangunna, carita wawacan téh mangrupa carita anu kauger ku guru laguguru wilangan, sering gunta-ganti pupuh, jeung umumna paranjang.Ari maca wawacan biasana sok ditembangkeun, disebutna beluk. Ayana éta beluk biasana dipidangkeun lamun aya salametan, kariaan, atawa aya anu ngalahirkeun, jeung réa-réa deui. Maca wawacan téh sering gunta-ganti pupuh. Ari pupuh anu sok ditembangkeun taya lian kinantiasmarandanasinom, jeung dangdanggula, sedengkeun pupuh nu séjén mah teu pati sering dipaké.Aya hiji wawacan anu numutkeun panalungtikan Dr. Mikihiro Moriyama, peneliti Kabudayaan Sunda ti Jepang, jadi tonggak ngembangna modernitas di golongan urang Sunda. Wawacan kasebut nyaéta Wawacan Panji Wulung anu ditulis ku R.H. Moehamad Moesa, Penghulu Kabupatén Garut dina jaman kolonial. Dina bukuna , Moriyama nétélakeun: "Wawacan Panji Wulung nyaritakeun usaha panyatur dina ngembangkeun dunia modern saluyu jeung tuwuhna jaman ku cara ngawanohkeun konsép anyar ka nu maca, éta sababna wawacan ieu ditapsirkeun minangka gambaran tumuwuhna moderenisasi dina nulis basa Sunda".


Carita Pantun
Carita pantun atawa lalakon pantun nyaeta carita rekaan anu dilalakonkeun ku juru pantun dina pagelaran ruatan (ritual) anu disebut mantun. Mantun biasa dipirig ku kacapi sarta biasana dihaleuangkeun. Carita pantun biasanya dipagelarkeun sapeuting jeput nepi ka tutug teh dimimitian ti bada isa. Ukuran carita pantun umumna paranjang. Dumasar kana mediana, carita pantun gelar dina lisan, sarta ngandung hal-hal anu mere kesan pamohalan.

Rajah Pantun
Bagian rajah teh biasana sok ditembangkeun ku juru pantun samemeh mangkat carita. Eusi rajah mangrupa sanduk-sanduk ka karuhun lantaran rek ngamimitian mantun. Sanduk-sanduk teh hartina menta idin, menta pangrakarsa jeung pangriksa ti nu ngageugeuh eta lembur sangkan saralamet. Menta kasalametan teh lain keur nu dipangmantunkeun bae tapi kaasup nu mantun jeung nu lalajo eta pantun.Nilik eusina, rajah teh lain mangrupa bagian tina carita. Tapi sanajan kitu, mangrupa bagian penting dina pantun. Rajah mangrupa salah sahiji ciri utama anu ngabedakeun carita pantun jeung seni (sastra) sejenna. Nu matak mantes upama aya nu nyarita, lain carita pantun upama euweuh rajahan.Rajah teh salilana aya dibagian awal carita pantun. Aya nu panjang, aya nu pondok deuih. Panjang-pondokna rajah jeung beda-bedana rajah henteu gumantung ka juru pantunna. Sanajan caritana beda, upama dilalakonkeun ku juru pantun anu sarua, bisa jadi rajahna oge heunteu beda.


Narasi Pantun
Bagian narasi atawa nyaritekeun, ditepikeun dina mangsa juru pantun nyambungkeun hiji kajadian kana kajadian saterusna. Beda jeung rajah katut kajadian deskripsi (papantunan), lebah bagian narasi mah henteu ditembangkeun. Tapi sanajan kitu angger bae dipirig ku kacapi najan ukur digalantangkeun bae oge.


Deskripsi Pantun
Bagian deskripsi nyaeta bagian anu ngagambarkeun tingkah paripolah tokoh carita dina hiji kajadian, saperti putri dangdan, lengser lumpat, satria perang, satria ngapung, hayam diadu jeung sajabana. Salian ti eta, bagian deskripsi te ngagambarkeun oge pangrasa hate saperti sedih, ngangres, ngenes, ambek, hareneg, jeung sajabana; sarta ngagambarkeun kaayaan.Bagian deskripsi teh sok dihaleuangkeun ku juru pantun, nu matak sok disebut oge papantunan. Kaasup bagian nu pikareuseupeun, lantaran umumna juru pantun ngagunakeun gaya basa babandingan anu lucu tur karikatural pikeun ngagambarkeun kajadian atawa kaayaanana.


Dialog
Bagian dialog atawa paguneman nyaeta paguneman antara parapalakuna. Sakumaha umuna dina karya sastra lainna, dialog teh di antarana pikeun ngagambarkeun watek atawa karakter palaku, ngalancarkeun jalan carita, sarta nepikeun gagasan-gagasan.


Monolog
Monolog teh nyarita sorangan atawa nyarita dina jero hate. Contona monolog Lutung Kasarung dina pantun Lutung Kasarung,


Rajah Panutup
Pengertian rajah panutup teh hampir sarua jeung pengertian rajah dilihur. Ngan ari rajah panutup mah dihaleuangkeunana pas diakhir carita pantun.


Carita Wayang

 Carita wayang nyaéta carita anu sok dilalakonkeun dina pagelaran wayang anu dipaénkeun ku dalang.

·         Carita wayang kaasup kana karya sastra wangun prosa.

·         Wayang nyaéta sarupa jejelemaan anu dijieun tina kulit atawa kai, nu diibaratkeun tokoh nu dilalakonkeun dina carita wayang.

·         Carita wayang téh asalna ti India. Anu nyoko kana babon (sumber) kitab Mahabarata jeung Ramayana.

·         Carita Mahabarata dianggit/ditulis ku Wiyasa. Dina carita Mahabarata nu nyekel kaadilan téh Pandawa, sedengkeun anu murka nyaéta Kurawa.

·         Carita Ramayana dianggit ku Walmiki. Dina carita Ramayana nu nyekel kaadilanna Batara Rama, sedengkeun anu murkana Prabu Rahwana atawa Dasamuka.

·         Ngawayang hartina magelarkeun atawa ngalalakonkeun carita wayang sarta dipirig/ diiringi ku gamelan.

·         Dina carita wayang aya istilah kakawén, murwa, nyandra, suluk, garap, jeung antawacana:

-          Kakawén  asalna tina kecap kakawian nyaéta lagu dina basa Kawi nu sok dihaleuangkeun ku dalang.

-          Murwa nyaéta dalang ngamimitian ngawayang.

-          Nyandra nyaéta nataan wayang nu keur dipaénkeun.

-          Garap nyaéta cara ngigel atawa merangkeun wayang.

-          Antawacana nyaéta caritaan dalang.

-          Suluk nyaéta ngagambarkeun hiji hal ku cara dihaleuangkeun/ dinyanyikeun  ku dalang.


Artikel

Pengertian Artikel Basa Sunda

Artikel nyaeta essey anu dimuat dina media massa saperti surat kabar, majalah, atawa internet. Ari eusina bisa mangrupa karya ilmiah, opini, atawa sawangan jeung pamadegan pribadi kana hiji hal, laporan lalampahan, atawa laporan ngeunaan kaayaan, bisa oge kritik kana hiji pasualan atawa kaayaan.

Upama nilik kana eusina artikel teh dibagi jadi 5, nyaeta:

Artikel Narasi, nyaeta artikel anu nyaritakeun situasi atawa kanyataan boh dumasar kana runtuyan waktu boh kana runtuyan kajadian. Dina artikel narasi tangtu bae kudu aya tokohna. Sakumaha umumna dina carita, dicaritakeun lalampahan si tokoh dina nyanghareupan hiji kaayaan, konflik jeung pait peukeurna kahirupan.

Artikel Deskripsi, nyaeta artikel anu ngagambarkeun kaayaan atawa kajadian luyu jeung kanyataan atawa fakta nepi ka kabayang ku nu maca.

Artikel Eksposisi, nyaeta artikel anu medar hiji jejer. Bisa mangrupan pedaran, ngeunaan wangenan, atawa bagian tina gunana hiji konsep atawa bisa oge mangrupa lengkah-lengkah, cara-cara, atawa proses migawe hiji hal.

Artikel Argumentasi, nyaeta karangan anu diwuwuhan ku alesan-alesan, kasangtukangna mangrupa kritik kana hiji perkara atawa pamadegan. Cirina biasana aya opini (sawangan/kamandang) pribadi tapi didasaran ku fakta jeung nepi ka katasima ka nu maca.

Artikel persuasi, atawa disebut oge artikel pangjurunglaku atawa motivasi anu eusina mangrupa pangajak pikeun ngalakukeun hiji hal anu dianggap aya manfaatna.

Tah diluhur eta nyaeta materi basa sunda anu perna ku guru diajarkeun ka admin blog ieu. Mudah-mudahan artikel sim kuring ieu tiasa jadi mangpaat kanggo sadayana. Dulur sadayana tiasa ninggal conto artikel sunda anu pernah dijieun ku sim kuring sakaligus oge pelajaran anu ku kuring pernah bagikeun di ieu blog. Sok dibaca artikel wawacan sareng carita pantun.


Naon nu ngabedakeun carita pantun jeung wanda carita sejenna
Add caption


Page 2