Nu disebut eusi dina wangun sisindiran nyaeta padalisan ka

SISINDIRAN

sumber: wikipedia

Nu disebut eusi dina wangun sisindiran nyaeta padalisan ka
Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, anu ngandung harti omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol. Luyu jeung éta, dina sastra Sunda anu disebut sisindiran téh nyaéta karya sastra nu ngagunakeun rakitan basa kalawan dibalibirkeun. Dina sisindiran, eusi atawa maksud anu dikedalkeun téh dibungkus ku cangkangna. Wangunan sisindiran téh kauger ku purwakanti, jumlah engang dina unggal padalisan, jeung jumlah padalisan dina unggal padana. Ku kituna, sisindiran téh kaasup kana wangun ugeran (puisi). Upama ditilik tina wangun jeung cara ngébréhkeunana, sisindiran dibagi jadi tilu golongan nyaéta: (1) rarakitan; (2) paparikan, jeung (3) wawangsalan. Ditilik tina eusina, rarakitan jeung paparikan bisa dipasing-pasing jadi tilu golongan, nyaéta: (1) silihasih; (2) piwuruk; jeung (3) sésébréd.

1. PAPARIKAN

Paparikan téh nyaéta wangun sisindiran. Kecap paparikan asalna tina kecap ”parék” anu hartina ”deukeut”. Paparikan diwangun ku cangkang jeung eusi, anu padeukeut sorana, sarta murwakanti laraswekas dina unggal padalisanna. Ari jumlah padalisan dina sapadana, kudu jengkep: dua, opat, genep, dalapan, jst. Satengahna tina jumlah padalisan téh cangkangna, satengahna deui eusi. Ari réana engang dina unggal padalisan umumna dalapan engang. Contona paparikan:

Boboko ragrag di imah,

Ninggang kana pileuiteun

Mun bogoh montong ka sémah

Ari anggang sok leungiteun.

Paparikan di luhur diwangun ku opat padalisan; dua cangkang, dua eusi. Padalisan kahiji dina cangkang, padeukeut sorana sarta murwakanti tungtungna jeung padalisan kahiji dina eusi. Padalisan kadua dina cangkang padeukeut sorana sarta murwakanti tungtungna jeung padalian kadua dina eusi.

Upama nilik kana eusina, paparikan bisa dipasing-pasing jadi: paparikan silihasih, paparikan piwuruk, jeung paparikan sésébréd.

Paparikan Silih Asih

Paparikan silih asih nyaéta paparikan nu eusina ngeunaan silihasih, cinta, atawa birahi. Contona:

Meuncit meri dina rakit,

boboko wadah bakatul.

Lain nyeri ku panyakit,

kabogoh direbut batur.

Paparikan Piwuruk

Paparikan piwuruk nyaéta paparikan nu eusina piwuruk atawa naséhat. Contona:

Ka kulah nyiar kapiting,

ngocok endog bobodasna.

Ulah sok liar ti peuting,

osok loba gogodana.

Paparikan Sésébréd

Paparikan sésébréd nyaéta paparikan anu eusina banyol, lulucon, jeung cawad (kritik). Contona:

Daun hiris dibeungkeutan,

dibawa ka juru leuit.

Anu geulis ngadeukeutan,

hayangeun dibéré duit.

Sapanjang jalan Cirebon,

jalan butut diaspalan.

Sapanjang dijajah Nipon,

baju butut tatambalan

2. RARAKITAN

Rarakitan téh nyaéta salasahiji wanda sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Éta cangkang jeung eusi téh pada papak di puhuna (mindoan kawit). Salian ti éta, antara cangkang jeung eusi téh kudu sasora sarta murwakanti engang panungtungna dina unggal padalisan (laraswekas). Tapi laraswekas dina sisindiran mah, aya kalana laraswekas anu kaselang heula, siga pacorok. Ari jumlah engangna dina unggal padalisan aya dalapan engang. Jumlah padalisan dina sapadana mangrupa bilangan jangkep; satengahna cangkang jeung satengahna deui eusi. Kiwari anu populér téh anu sapadana diwangun ku opat padalisan: dua cangkang jeung dua eusi. Contona:

Mihapé sisir jeung minyak,

kadé kaancloman leungeun.

Mihapé pikir jeung niat,

kadé kaangsonan deungeun.

Ditilik tina eusina, rarakitan téh bisa digolongkeun kana tilu golongan, nyaéta rarakitan silihasih, rarakitan piwuruk jeung rarakitan sésébréd.

Rarakitan silihasih, nyaéta anu eusina ngeunaan silihasih, cinta, atawa birahi; contona:

Sapanjang jalan Soréang,

moal weléh diaspalan.

Sapanjang tacan kasorang,

moal weléh diakalan.

Rarakitan piwuruk, nyaéta rarakitan anu eusina piwuruk atawa naséhat; contona:

Sing getol nginum jamu,

nu guna nguatkeun urat.

Sing getol neangan élmu,

nu guna dunya ahérat.

Rarakitan sésébréd, nyaéta rarakitan anu eusina banyol, lulucon, atawa cawad (kritik); contona:

Rarasaan ngala mayang,

teu nyaho cangkeuteuk leuweung.

Rarasaan konéng umyang,

teu nyaho cakeutreuk hideung.

3. WAWANGSALAN

Wawangsalan téh nyaéta sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Dina sindir diwangun deui ku cangkang jeung wangsal. Anu dijieun wangsalna téh tara ditétélakeun, tapi kudu ditéangan tina bagian eusi. Wangsal téh sok murwakanti jeung salah sahiji kecap anu aya dina bagian eusi téa. Nilik kana wangunna, wawangsalan téh diwangun ku dua padalisan: sapadalisan sindir, sapadalisan deui eusi. Jumlah engang dina unggal padalisan nyaéta dalapan engang. Umumna eusi wawangsalan téh ngeunaan silihasih, cinta atawa birahi. Contona:

Belut sisit saba darat,

Kapiraray siang wengi.

(Maksudna: oray)

Jukut jangkung pipir gunung,

Hate abdi panas peurih.

(Maksudna eurih)

sumber: Wikipedia


Page 2

Tatakrama Basa Sunda

Nu disebut eusi dina wangun sisindiran nyaeta padalisan ka
Undak usuk basa atawa tatakrama basa dina basa Sunda kakara aya sabada nincak abad ka 17, nya éta sabada budaya mataram katut basa Jawana asup kana budaya Sunda. Ieu hal bisa kabuktian dina prasasti jeung naskah buhun nu ditulis saméméh abad 17 (upamana Batutulis, Kawali, Carita Parahyangan, Amanat Galunggung, jsb) henteu ngagunakeun Undak Usuk Basa.

Mun dijeiun pola saperti kieu:

A             = Loma

B             = Lemes keur sorangan

C             = Lemes keur batur

Undak usuk basa kabagi jadi opat (4) pola nya éta:

1. A = B = C

Loma (A) Lemes keur sorangan (B) Lemes keur batur (C)
KumahaKorsi

Héjo

Opat

Itu

Jst

KumahaKorsi

Héjo

Opat

Itu

KumahaKorsi

Héjo

Opat

Itu

2. A = B ≠ C

Loma (A) Lemes keur sorangan (B) Lemes keur batur (C)
UlinBaju

Ngaso

Cenah

Dagang

Ngais

Cekel

Jaga

Jst

UlinBaju

Ngaso

Cenah

Dagang

Ngais

Cekel

Jaga

AmengAcuk / raksukan

Leleson

Saurna

Icalan

Ngemban

Cepeng

Jagi

3. A ≠ B = C

Loma (A) Lemes keur sorangan (B) Lemes keur batur (C)
KumahaKorsi

Héjo

Opat

Itu

Jst

KumahaKorsi

Héjo

Opat

Itu

KumahaKorsi

Héjo

Opat

Itu

4. A ≠ B ≠ C

Loma (A) Lemes keur sorangan (B) Lemes keur batur (C)
BalikIndit

Déngé

Bawa

Nyaho

Poho

Datang

Saré

Imah

Gering

Jst

WangsulMios

Kuping

Bantun

Terang

Hilap

Sumping

Mondok

Rorompok

Udur

MulihAngkat

Dangu

Bawa

Uninga

Lali

Dongkap

Kulem

Bumi

Teu damang

Nurutkeun R.I. Adiwijaja (1951), éksprési ragam hormat bias katiténan wujudna dina wangun:

a)      Lisan (kecap)

b)      Pasemon

c)      Rengkuh jeung peta

d)     Lentong

Timbulana ragam hormat jeung loma bisa jadi deuih kapangaruhan ku ayana perbédaan struktur social (luhur-handap), lingkungan fisik (kota-desa), jeung ajén inajén (hade-goréng). Digunakeuna ragam hormat geus tangtu aya patalna jeung tabé’at (karakteristik) masarakat panyaturna lantaran ragam basa téh mangrupa wangun laku social. Sacara vertical ragam basa téh bias jadi aya patula-patalina jeung kakawasaan (power), atawa kalungguhan. Ari sacara horizontal, mungkin waé aya patalina jeung deuheusna atawa dalitna (solidarity) antara nu nyarita jeung batur nyarita.

conto tatakrama basa dina paguneman:

A             : Neng bade mulih ayeuna?

B             : muhun bu, aya kaperyogian abdi teh

A             : mangga atuh bu, abdi wangsul ti payun

A             : mah, abdi mios heula!

B             : sok jang, kade ati-ati di jalan

A             : ari mamah bade angkat tabuh sabaraha?

A             : Ibu, punten bade ngabantun LKS. Kamari abdi ngempelkeun

B             : oh mangga neng, candak we sadayana

A             : muhun bu. Mangga bu, permios

A             : Bu, bade ngagaleuh naon geuning angkat ka AP?

B             : bade meser kaperyogian sadiidnten we neng

A             : ieu the tuang putra?

B             : muhun, ieu the pun anak. Dupi caroge the kawitna ti mana?

A             : pun lanceuk mah ti Bandung

A             : dupi tuang ibu the damel dimana jang?

B             : pun biang mah didamel di Rumah Sakit.

A             : pami tuang rama?

B             : pun bapa mah ngawulang di SD

A             : saurna tuang eyang tos pupus?

B             : muhun, pun aki mah tos ngantunkeun

A             : kadangu teu ibu nyarios naoan?

B             : henteu kakuping bu..

A             : kumaha damang jang?

B             : pangestu, pa..

A             : manawi kagungan buku Sejarah bu?

B             : numawi, teu gaduh abdi the.

A             : tadi sumping tabuh sabaraha ka sakola?

B             : abdi the dongkap tabuh 7

A             : saurna kamari mah teu damang nya?

B             : muhun puguh, kamari mah abdi the udur

A             : sindang heula atuh ka rorompok!

B             : nu palih mana kitu bumi the?

A             : ti bumina Pa Soni kantun mengkol ka palih kiwa rorompok abdi mah.

A             : tuang pa!

B             : oh mangga, tos neda abdi mah tadi

A             : katingali teu jang?

B             : teu katingal pa


Page 3

DONGENG

Nu disebut eusi dina wangun sisindiran nyaeta padalisan ka
Dongéng kaasup kana wangun prosa heubeul. Sumebarna sacara lisan di balaréa tatlépa ti hiji jalma ka jalma nu lian. Dina dongéng loba pisan unsur pamohalan, saperti sato bisa nyarita jeung mikir. Dongéng ogé tara kanyahoan saha nu ngarngna (anonim). Lamun kitu ciri khas dongéng aya tilu nya éta sumebar sacra lisan, loba unsur pamohalan, jeung anonim.

Dongéng bisa dipasing-pasing deui jadi:

Dongéng anu palaku utamana sasatoan kayaning kuya, monyét, sieum, peucang jsb. Sasatoan-sasatoan éta bisa nyarita tur mnagrupa perlambang pasipatan manusa sabenerna mah. Conto dongéng fabél nya éta Sakadang Kuya jeung sakasang Monyét, Peucang Keuna ku Leugeut, Peucang jeung Maung.

  • Dongéng jalma biasa/teu lumrah (farabel)

Dongéng anu nyaritakeun kahrupan jalma biasa, tur biasana mah pasipatanna mahiwal ti batur. Contona Dongéng Si Kabayan, Abu Nawas, Si Congcorang.

Dongéng anu nyaritakeun asal muasal kajdian hiji tempat, ngaran gunung, sasatoan. Contona sasakala gunung tangkuban parahu, sasakala situ bagendit, sasakala japati sukuna beureum.

Dongéng anu aya hubunganna jeung kapercayaan masarakat kana bangsa lelembut atawa hal-hal gaib. Contona dongéng Nyi Roro Kidul, Nyi Dewi Sri, Dongéng Kuntilanak.

Dongéng nu aya patalina jeung kajadian atawa tokoh-tokoh nu ngandung unsur sajarah. Kayaning Dongéng Prabu Siliwangi, Dongéng Keansantaang, Dongéng Séh Abdul Muhyi.

conto dongeng:

SAKADANG KUYA JEUNG SAKADANG MONYET

Dina hiji poe Sakadang Kuya keur neangan kadaharan, tapi ti isuk mula tacan manggih nanaon. Ngahaeut ka tengah poe, manehna manggih tangkal cau nu buahna geus asak, tapi kumaha da teu bisa naek. Kulantaran kitu, tuluy manehna bebeja ka Sakadang Monyet, menta tulung. Omongna “Sakadang Monyet, uing manggih tangkal cau nu buahna geus asak, tapi hanjakal teu bisa naek, cing tulungan pangalakeun, engke paparon”

“Hade,” tembal Sakadang Monyet. “Di mana?”

Tuluy maranehna arindit babarengan ka tempat tangkal cau tea. Sakadang Monyet, tuluy naek, metikan cau hiji-hiji bari ditungtut dihakanan. Sakadang Kuya mah teu dibere sapotong-potong acan, atuh bati cumeplak we neureuyan ciduh.

“Sakadang Monyet, mana bagian uing? Kapan geus jangji paparon” ceuk Sakadang Kuya ngagorowok.

Tapi Sakadang Monyet teu malire, jongjon bae metikan jeung ngadaharan, kalahkah maledogan ku cangkangna.

Sakadang Kuya pohara nyerieunana, ngunek-ngunek hayang males.

Dina hiji poe Sakadang Kuya indit ka kebon Juru tani, ngala cabe nu geus arasak, warnana bareureum. Ngala genep nu galede, ketembongna bangun aramis pisan. Manehna indit nepungan Sakadang Monyet. Biwirna dipulas ku pucuk daun jati supaya beureum, tuluy cupak capek, cuplak ceplak, cara nu geus barang dahar geunah.

Ditanya ku Sakadang Monyet, “Sakadang Kuya, maneh teh keur ngahadar naon? Cik uing menta!”
Tembal Sakadang Kuya, “ah, ulah ngaganggu, uing teh keur ngeunah ngadahar buah loa paparin ti Dewata. Kakara uing mah barang dahar ni’mat kieu.”

“Cing ngasaan saeutik, uing lapar pisan.“ Sakadang Monyet lumah lameh menta ngarah dipikarunya.

“Keur naon make mere ka maneh, kapan bareto ge maneh teu mere cau ka kami, padahal eta teh milik kami?”

“Hampura bae atuh nu enggeus-enggeus mah!, sing karunya ka uing ku hayang ngasaan buah loa paparin Dewata!” omongna deui lengas lengis.

“Nya ari maksa-maksa teuing mah top bae,tuh cokot deukeut tangkal caringin itu!” tapi ulah dibeakeun kabeh, sesakeun keur kami saparona.”

Sakadang Monyet pihara atoheunna, gancang lumpat rek nyokot buah loa paparin Dewata tea. Lantaran tabeatna hawek jeung sarakah manehna embung nyesakeun. Kabeh dibawa lumpat, di tengah jalan raus raus bae didahar, nepi ka beak. Ari beak…. Adug lajer, jejeritan awahing ku lada jeung panas.

Sakadang Kuya kacida sugemanana, lantaran geus bisa males kanyeri hatena bareto.

SUMBER: http://unsilster.com/2011/01/contoh-dongeng-sunda-sakadang-kuya-jeung-sakadang-monyet/

bilih peryogi dongeng basa Sunda, mangga di download dina link di handap

dongeng sunda.pdf


Page 4

CARITA PONDOK

Nu disebut eusi dina wangun sisindiran nyaeta padalisan ka
Carita pondok mangrupa carita rékaan dina wangun prosa (lancaran) anu wangunna pondok .

Dina kasusastraan Sunda, carita pondok kawilang anyar, kaasup sastra sampeuran. Carita pondok Sunda mimiti aya dina majalah Priangan taun 1929, sedengkeun buku kumpulan carita pondok nu munggaran nya éta Dogdog Pangréwong meunang GS medal taun 1930. proses asupna carpon kana kasusastraan sunda estuning lungsur-langsar, henteu kungsi ditolak. kemakaran carpon leuwih subur sabada kamerdekaan. media nu diguankeunna nya eta majalah.

Cirri carita pondok:

–          Museur kana hiji kajadian utama

–          Mangrupa hiji episode

–          Caritana henteu loba pamohalan

–          Sastra tulisan

–          Bisa réngsé dibaca dina sakali mangsa

Pangarang carpon Sunda jeung karyana:

–      R.A.F (Rahmatullah Adding Affandi): dongéng énténg ti pasantrén

–      Ayatrohaedi: hujan munggaran

–      Tini Kartini: Jurig

–      Yus Rusyana: jajatén Ninggang Papastén

–      Ki Umbara: Diwadalkeun ka Siluman

–      Taufik Faturrahman: Kun fayakun

–      Usep Romli: ceurik Santri

–      Aam Amalia: Panggung wayang

Unsur carita:

  1. Téma: inti pikiran/puseur implengan tina carita.
  2. Alur: leunjeuran carita/lumangsungna carita.alur kabagi kan tilu nya éta:

–      Ngaguluyur: nyaritakeun ti awal nepi ka lekasan

–      Bobok tengah: langsung kana masalah atawa ka tengah-tengah carita

–      Ti tukang: nyaritakeun ti tungtung

3. Palaku

–      Palaku utama

–      Palaku pembantu

–      Palaku tambahan

4. Lattar/setting

5. Sudut pandang

–      Ngagunakeun “kuring”

–      Ngagunakeun ngaran tokoh/jalma

6. Amanat: hal nu rék ditepikeun ku pengarang tina eusi carita.

CONTO CARITA PONDOK

BULAN WANCI SAREUPNA

Bulan beuki pias di awang-awang. Ukur dibaturan ku tilu béntang anu tingkariceup. Geus teu kadéngé deui gebyurna lambak. Geus teu kaciri deui runggunukna pilemburan jeung ngamparna pasawahan. Bieu, pabuburit, kapal geus miang ninggalkeun palabuan. Ninggalkeun salaksa katineung di ditu, di bali geusan ngajadi.

Asa cikénéh, tur asa detik bieu pisan, kuring nénjo marakbakna kembang samoja di pipireun imah. Tangkal samoja gigireun kuburan bapa, anu ku ema mah dipiara pisan. Malah saméméh ema ninggalkeun, nyusul bapa ka kalanggengan, ukur hiji anu diamanatkeun téh; pangmiarakeun tangkal samoja. Ayeuna, amanat ema téh kamomorékeun, lantaran kuring kaburu indit. Teuing saha nu bakal neruskeun miara éta tangkal samoja.

Indit téh éstuning taya kereteg ti méméhna. Teu boga niat ti anggalna. Malah henteu kungsi ngimpi-ngimpi acan. Isuk-isuk, basa kuring rék nyawang meletékna panonpoé nu baris maturan hirup kabeurangnakeun, Pa Érté ngaronghéap. Datangna teuing ti lebah mana, da ujug-ujug ngajanteng hareupeun. Katémbongna mani geus saged, beberengkes, bangun rék indit-inditan.

“Hayu atuh!” pokna.

“Hayu? Ka mana?” kuring kerung.

“Har, apan kamari geus dibadamian. Urang téh rék nyaba ka jauhna, ka alas peuntas. Urang nyiar kasenangan di ditu!”

“Asa kakara ngadéngé kuring mah?”

“Aéh-aéh, apan geus dibéjaan ti tangéhna ogé. Urang téh rék nyaba ka ditu. Matak harita bapa omat-omatan, sing loba ngumpulkeun bekel. Sing bisa ngajeuhjeuhkeun pakeun sarta ulah natambuh waktu. Bekel ieuh, kudu mawa bekel!”

“Kumaha atuh, da kuring mah teu boga nanaon?”

“Keun baé, kitu wéh. Buru-buru, bisi katinggaleun ku kapal!”

“Saha baé nu milu téh?”

“Loba. Geus taruluy batur mah!”

Mani asa rurusuhan indit téh. Asana mah, henteu mandi-mandi acan. Da éta, Pa Érté mani ngabebereg, henteu méré pisan témpo. Kuring nepi ka poho, henteu ngonci heula imah, henteu maraban domba, atawa nitipkeun pakaya jeung tangkal samoja ka nu aya di lembur.

“Keun baé da engké ogé aya nu ngurus!” cék Pa Érté sajeroning leumpang.

Nepi ka palabuan, enya baé geus ngagimbung loba jelema. Rombongan ti lembur kuring, misah di beulah wétan. Pa Kuwu, Pa Olot, Pa Lebé, Ulis Odang, Hansip Oding, Bah Wirya, katémbong keur ngabaredega. Panonna neuteup ka tengah jaladri. Bangun nu keur nyawang pikahareupeun.

Kapal anu rék mawa kuring – teuing ka mana, da Pa Érté can kungsi ngécéskeun – geus ngajugrug di basisir. Kapal anu nya badag nya jangkung, asa can kungsi manggih tandinganana.

“Geus kumpul saréréa?” cék Pa Lebé.

“Parantos sigana mah,” Pa Kuwu nu ngawalon téh.

“Hayu atuh urang indit ayeuna!”

Kabéh asup kana kapal. Dipingpin ku Pa Lebé. Tapi anéh, ari barudakna mah henteu sina milu. Kalah ka diantep ngajanteng di sisi basisir. Katémbongna, maranéhna bangun sedih naker. Loba nu carinakdak. Malah kadéngé lapat-lapat, aya nu ngahariring lagu Pileuleuyan. Euleuh, geuning aya nu maca tahlil sagala rupa.

Basa hatong kapal disada, asa aya nu ngajedud dina jajantung. Nya di basisir ieu pisan, saniskara katineung baris diteundeun, biheung kasampeur deui.

Nepi ka ayeuna, sajeroning nangtung dina dék kapal, kuring bingung kénéh. Rék ka mana ieu téh? Saenyana, éta pananya bisa ditepikeun ka Pa Érté, atawa ka saha baé. Ngan can aya waktu nu rinéh. Sabab kabéh ogé, keur anteng narangtung bari nyawang cai laut nu ririakan kasorot bulan nu beuki pias.

Nu ngajanteng di dék kapal téh, nu keur ngalamun kawas kuring, jumlahna teuing sabaraha urang. Ngajajar heuleut saméter. Kawas nu dikomando, leungeun maranéhna nangkeup harigu. Sorot panon ka jauhna, teu ngiceup-ngiceup.

Moal boa, ieu kapal keur nyuruwuk meulah jaladri. Gancangna teuing sakumaha, geus teu karasa.

Pa Érté ngajanteng pisan gigireun kuring. Teuing iraha jolna, da tadi mah anu ngajanteng lebah dinya téh Pa Olot. Asa manggih kasempetan pikeun nepikeun kapanasaran, Pa Érte gancang ditoél.

“Pa, rék kamana urang téh?”

“Engké ogé apal sorangan!” walonna bari henteu ngarérét-rérét acan.

Ngadéngé jawaban kitu mah, angger baé lebeng. Poékeun. Nya kapaksa baé, keur saheulaanan mah, dijawab ku sorangan. Dumasar kana sawatara kajadian harénghéng di lembur.

Bisa jadi, pangna Pa Lebé saparakanca ngajak miang téh, lantaran kaayaan lembur geus henteu pikabetaheun deui. Paceklik nu panjang. Kurang dahareun. Pagebug. Loba kasakit. Taneuh nu angar. Matak rungsing jeung henteu tingtrim. Enya ari nineungna mah, napel kénéh dina angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring, moal bina jeung maranéhna. Miang ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu matak héran téh, boh Pa Lebé, boh nu séjénna, kawas nu mentingkeun sorangan. Naha ari anak pamajikan henteu dibawa, diculjeunkeun kitu baé? Saha nu ngurusna?

Kituna mah, aya alesan maranéhna indit ninggalkeun lembur ogé. Alesan anu ku kuring karasa jeung karampa. Méh kabéh anu ayeuna keur nangtung dina dék kapal, papada boga bangbaluh hirup. Ninggalkeun pasualan di ditu, di lembur. Pasualan anu nepi ka maranéhna miang ogé, biheung geus réngsé.

Kuring leumpang lalaunan. Mapay-mapay jajaran jelema-jelema anu keur narangtung nyawang jaladri. Kuring neuteup Pa Érté. Dina panon Pa Érté katara aya nu ngembeng. Boa manéhna keur ingeteun ka pamajikanana, da basa ditinggalkeun téh keur meujeuhna bureuyeung. Atawa inget ka anak anu keur meujeuhna kembang buruan. Kuring apal pisan, hirup Pa Érté ti baheula ogé henteu manggih kamarasan. Imahna nu nenggang di tungtung lembur, nu geus déngdék ka kénca alatan dihakan umur. Cék béja, ti barang rumah tangga Pa Érté hayang ngoméan éta imah téh. Keun bae panggung ogé, weweg-weweg atuh. Tapi tepi ka ayeuna ogé angger baé. Henteu robah, henteu kaganti golodog-golodogna acan. Kalah ka pamajikanana ririwit. Mindeng gering jeung kurang kasabaran, pédah hirup Pa Érté taya menyatna.

“Hésé geuning hayang ngawangun imah téh, Jang!” cék Pa Érté harita, hareupeun Pa Lebé.

“Cék kuring mah, jieun heula tihangna anu weweg!” walon Pa Lebé.

Enya, kawasna mah, pangna panon Pa Érté nepi ka ngembeng ogé alatan inget ka dinya. Inget ka imah anu henteu kungsi kaoméan.

Kuring ngaléngkah deui. Bagean Pa Olot ayeuna mah anu diteuteup téh. Sarua, sarua pisan, dina panonna aya nu ngembeng. Malah leuwih ngembeng ti panon Pa Érté. Naha Pa Olot téh inget ka budakna anu minculak ti batur? Enya, Pa Olot téh geus masagi dina dunya barana mah. Ngan sapopoéna teu weléh ngungun alum. Komo saprak Si Unéd mangkat rumaja mah. Si Unéd anu kakocapkeun sakola ka kota, mindeng nyieun masalah anu matak wirang Pa Olot. Komo apan, Pa Olot téh jadi jelema anu dipikolot, picontoeun urang lembur. Kari-kari ayeuna dikotoran ku kalakuan anak. Enya. Si Unéd anu sok mabok. Si Unéd anu – cék Pa Olot – jauh tina agama. Si Unéd anu kungsi ngagadabah Nyi Imas.

“Aing téh henteu bisa mingpin kulawarga. Henteu bisa ngalelempang paripolah anak!” kadéngé Pa Olot gegerendengan. Nyaritana bangun hanjelu naker. Kawas bijil tina haté nu pangjerona.

Kuring ngaléngkah deui. Pa Kuwu ayeuna mah anu diteuteup téh. Sarua, sarua pisan, dina panonna aya nu ngembeng. Malah katémbong geus aya nu ngalémbéréh. Nyarakclakan. Murag kana dék kapal. Naon anu dipaké sedih ku Pa Kuwu? Asana téh taya cawadeunana. Tur kuring henteu kungsi nyaksian Pa Kuwu meunang bangbaluh. Salila mingpin désa, asa taya codéka nanaon. Malah kapaké pisan. Enya, ari kabeungharanana mah misah ti batur. Imahna ngajengléng. Kakocapkeun bulan hareup mah rék meuli mobil. Pakayana nu lubak-libuk, cék manéhna sorangan, lain hasil idek-liher di balé-désa. Tapi meunang meres késang, ladang dug hulu pet nyawa. Kari-kari ayeuna, Pa Kuwu ogé milu indit jeung Pa Lebé. Naha henteu lebar ninggalkeun pakaya, ninggalkeun pamajikan bahénol, ninggalkeun kasugemaan hirup?

Naon anu keur diimpleng ku Pa Kuwu, henteu kabaca saeutik ogé. Tapi sanggeus sakitu lilana didagoan, Pa Kuwu méré jawaban. Kawas nu surti, kuring téh hayang nanya kitu.

“Di dinya moal apal, naon anu keur jadi kabingung. Sabenerna, ku di dinya ogé bisa dijawab. Bisa dirarasakeun. Naon anu ku di dinya dipaké handeueul satutas ninggalkeun lembur?” pokna.

“Kuring mah henteu boga nanaon, Pa Kuwu. Imah geus rék runtuh, sawah jeung tegal teu boga. Ukur hiji anu dipaké hanjelu téh, kuring geus ngamomorékeun amanat Ema, miara tangkal samoja!”

“Lain, aya kénéh sajaba ti éta,”

“Naon?” kuring dangah, neuteup Pa Kuwu nu paromanna angger, teu riuk-riuk, teu némbongkeun robahna semu.

“Pikiran baé ku sorangan!”

Lebeng. Henteu kapikir.

Bagéan Pa Lebé anu diteuteup téh. Sarua, sarua pisan, dina panonna aya nu ngembeng. Malah lain ngembeng deui, nyurulung mapay pipi, mapay beuheung, parat nepi kana sukuna.

Pa Lebé, kuring apal pisan. Lalaki anu sapopoéna teu weléh basajan. Imahna lebakeun tajug, ukur kahalangan tangkal jambu. Pa Lebé anu tara leupas ti kopéah jeung – sakanyaho – tara ninggalkeun istigpar. Nilik kahirupanana mah, Pa Lebé henteu kasebut bisa usaha. Malah tepi ka kiwari, hirupna angger nyorangan. Pamajikanana maot, sapuluh taun katukang. Ti harita, kawas henteu boga deui niat rarabi. Sapopoéna idek-liher di tajug. Mapagahan barudak nu hayang diajar ngaji.

Padahal, naon anu dipaké sedih pikeun Pa Lebé mah. Miangna ti lembur, asana mah henteu ninggalkeun kabeubeurat. Atawa melang ku tajug, bisi euweuh nu ngurus. Bisa jadi, ngan éta-étana anu dipaké hariwang ku Pa Lebé mah. Inggis taya nu bisa neruskeun tapak-lacakna.

Henteu kaburu bisa ngawangkong. Sabab lir dikomando deui, anu ngajaranteng dina dék kapal téh arasup ka jero. Tinggal kuring ngajanteng sorangan. Satadina mah rék nuturkeun, ngan asa betah kénéh. Sabab bulan anteng maturan peuting, najan sorotna beuki pias. Cai laut angger ririakan. Kapal terus ngabiur, ngabiur teuing ka mana.

***

Transmigrasi. Pindah ka alas peuntas. Néangan hirup jeung huripna. Di ditu, di tempat nu ayeuna rék dijugjug. Ukur éta anu aya dina ingetan kuring mah. Sabab rék ka mana deui, ari lain transmigrasi mah. Kawasna Pa Lebé saparakanca kapincut ku dongéng Mang Satibi baréto. Puluhan taun ka tukang, Mang Satibi kungsi indit ninggalkeun lembur. Anu séjénna mah, harita, kalah ka tingbirigidig diajak nyorang sagara téh. Ngan Mang Satibi anu beunang disebut nékad. Inditna kadua pamajikan. Henteu mawa bekel nanaon. Heuleut lima taun ti harita, Mang Satibi nganjang deui ka lembur. Terus ngadongéng, kumaha senangna di alas peuntas. Cék dongéng Mang Satibi, di ditu téh manéhna geus bisa nyieun gedong, meuli motor, meuli sawah jeung tanah. Padahal pagawéan sapopoéna mah henteu hésé, ukur ngurus kebon sawit.

Pasti. Pa Lebé saparakanca, kaasup kuring, rék transmigrasi. Rék ngarobah hirup di ditu, di alas peuntas. Eukeur mah kaayaan di lembur geus teu pikabetaheun, katurug-turug kawasna mah ingeteun kana dongéng Mang Satibi téa.

Ngan anéhna, nu aya dina kapal, bet henteu nyaritakeun kaayaan di ditu, di tempat nu rék dituju. Kalah ka patingharuleng bangun ngadadak manggih kabingung. Malah aya ti antarana anu nepi ka luh-lah, kawas peunggas harepan. Ilaharna mah, lamun rék nyanghareupan kabagjaan – sebut baé kahirupan di alas peuntas téh kabagjaan – lain ngeluk tungkul siga nu bingung. Malah sakuduna béar marahmay. Taya salahna sapanjang jalan gogonjakan, seuseurian, patingcakakak sangeunahna.

Enya, kaayaan di jero kapal téh kalah matak sareukseuk. Di ditu, di dieu, pinuh ku nu ngadon ngalamun. Taya nu katangén ngobrol ngalér-ngidul. Taya nu katémbong melenyun udud. Maranéhna kawas nu jongjon jeung dirina séwang-séwangan.

Kapal téh terus nyemprung meulah jaladri. Geus henteu kadéngé sorana, awahing ku tarik. Ngan anéhna, geus mangbulan-bulan, henteu nepi baé ka nu dituju. Kalah ka pengeusi kapal lir nu beuki tagiwur. Beuki anteng ngalamun. Beuki jongjon jeung dirina séwang-séwangan.

“Rék iraha nepina ieu téh?” kuring nanya ka Pa Olot. Tapi ditanya ngadon ngeluk, bari kapireng sorana inghak-inghakan.

“Ku naon Pa Olot?”

Henteu ngajawab.

Nyampeurkeun Pa Érté, sarua henteu ngawalon. Komo ari Pa Kuwu mah. Hansip Oding, Ulis Odang, Bah Wirya, sarua ngabaretem.

Kapal angger nyemprung, teuing rék iraha eureunna.

Pangeusina geus loba nu inghak-inghakan. Malah terus careurik patarik-tarik. Ngaguruh sapangeusi kapal. Kuring bingung pipetaeun, naha kudu milu ceurik? Tapi kapal angger nyemprung. Angger teu soraan. Kuring kukurilingan, ka rohang nahkoda. Tapi taya sasaha. Kapal maju ku sorangan. Kawasna, nahkodana ogé keur milu ceurik.

Teuing meunang sabaraha bulan, maranéhna ceurik téh. Lila-lila, tina ceurik téh, jadi patinggorowok patarik-tarik. Kaasup Pa Érté, Pa Lebé, Pa Kuwu, jeung nu séjénna.

“Hayang balik deui. Gancang balik deui!” pokna.

Tapi kapal henteu eureun. Jajauheun nepi malik arahna. Asa ketir nénjo kitu mah. Kaasup kuring bet hayang balik deui. Sabab asa aya nu tinggaleun di lembur téh. Enya, asa aya nu tinggaleun.

“Moal, karah kumaha ogé, anjeun moal bisa balik deui!” aya sora ti gigireun, basa kuring keur nangtung ngumbar katineung dina dék kapal. Sora anu agem. Tur kuring kakara ngadéngé sora sakitu agemna. Basa dilieuk, aya nu maké baju sarwa bodas ngajanteng.

“Saha anjeun?”

“Pangeusi ieu kapal!”

“Enya, tapi naha bet nyampeurkeun kuring?”

“Pédah wé, katémbongna siga nu bingung!”

“Naha anjeun henteu milu ceurik?”

“Naon nu perlu diceungceurikan?”

“Itu geuning batur mah …”

“Enya, maranéhna ceurik hayang balik deui ka lembur. Sadetik wé cenah. Aya nu tinggaleun di ditu!”

“Kabéh aya nu tinggaleun?”

“Enya!”

“Kaasup kuring?”

“Bisa jadi!”

“Ké, ari ieu kapal téh rék kamana? Geuning henteu nepi baé?”

“Engké ogé bakal nyaho!” pokna bari terus ngaléos.

Kuring ukur bati ngahulengna. Asa teu kaharti. Nu gogorowokan beuki tarik. Sora Pa Kuwu mani pangtarikna.

“Hayang balik deui!” cenah. Enya, dipikir-pikir mah, kuring ogé asa aya nu tinggaleun. Pamustunganana mah sapamadegan jeung maranéhna : hayang balik deui.

Tapi kapal terus nyemprung. Teu beunang dieureunkeun. Kalah cimatana pangeusina terus maruragan. Ngamalir dina dék-dék kapal. Terus ngeyembeng. Beuki loba. Beuki pinuh. Pamustunganana kapal déngdék pinuh ku cimata. Terus déngdék. Pangeusina patingkocéak. Kuring hareugeueun. Kapal beuki tilelep. Saméméh karem, kuring bisa kénéh neuteup bulan nu beuki pias …***

Saung Pangreureuhan, 2000
sumber: daluang.com

kumpulan carita pondok tiasa di download dina link di handap

CARITA PONDOK.pdf


Page 5

KAKAWIHAN

Nu disebut eusi dina wangun sisindiran nyaeta padalisan ka

Kakawihan asal kecapna tina kawih, hartina lagu. Ieusastra téh kaasup sastra buhun, gelarna dina sastra Sunda mangrupa sastra sampakan. Tapi najan kitu, kakawihan téh lain bogana urang Sunda waé, unggal sélér bangsa ogé ngabogaan kabinangkitan kakawihan séwang-séwangan.
Kakawihan téh kaasup sastra lisan. Ngeunaan sumebarna tatalépa sacara turun tumurun di lingkungan masarakat. Kusabab kitu, kakawihan mindeng disebut sastra balaréa, ku sabab geus milik sakumna masarakat.

Kakawihan mangrupa bagian tina folklore, ku kituna sabagian tina ciri-ciri folklore dipimilik oge ku kakawihan, di antarana:

a. Sumebar jeung diwariskeun sacara lisan;

b. Sifatna tradisional, nyebarna angger di antara kelompok tertentu;

c. Aya varian jeung versi, kajadian poho jeung interpolasi sok nimbulkeun bedana teks. Ku kituna sakapeung teksna sok beda, wirahmana sarua. Atawa wirahmana sarua, teksna nu beda;

d. Umumna anonym;

e. Miboga rumus jeung pola;

f. Polos jeung lugu, sakapeung jiga kasar jeung spontan (Danajaya, 1984).

Klasifikasi kakawihan

Kakawihan bisa diklasifikasikeun dumasar fungsina, basana, waktu ngawihkeuna, oge eusina.

Dumasar fungsi, kakawihan pikeun kaulinan, pikeun sumanget digawe, pikeun mepende, oge pikeun protes social.

1. Kakawihan pikeun kaulinan:

Kakawihan nu dipake dina ngamimitian kaulinan di antarana: Cing Ciripit, dal del Dol, jeung Hompimpah.

Kakawihan sapanjang kaulinan: Aanyaman, Ambil-ambilan, Ayang-ayang Gung, Babagongan, Cingcangkeling, Eundeuk-eundeukan, jst.

2. Kakawihan pikeun numuwuhkeun sumanget digawe diantarana: Mars Siliwnagi, Ngawuluku, jeung Ngagebahan Manuk.

3. Kakawihan pikeun mepende, di antarana Nelengnengkung, Pat Lapat, jst.

4. Kakawihan pikeun protes social, mangrupa gambaran protes kana hiji kaayaan dina mangsa eta kakawihan dijieun, misalna: Ayang-ayang Gung, Bolu Bugem, Dengkleung Dengdek, Prangpring, Tongtolang Nangka, Hatiku Jang Wawan, jeung Eundeuk-eundeukan Lagoni.

Dumasar basana, aya nu eusina sagemblengna ngagunakeun basa Sunda jeung aya anu campur jeung basa sejen. Misalna: Punten Mangga, pupujian, Si Jendil Adil, Slep Dur, jeung Ula Elo Kembang.

Dumasar waktu, aya anu tadina sok dikawihkeun beurang atawa peuting oge aya anu beurang jeung peuting. Contona: Kalongking jeuung Bulan Tok.

Dumasar wangun, teksna aya anu dialog jeung aya anu monolog.

1. Kakawihan wangun dialog di antarana: Ambil-ambilan, Baju Beureum, Bolu Bugem, Cir Kupek, Gobang Kalima Gobang, Tongtolang Nangka, Eundeuk-eundeukan Lagoni, jeung Wek—wek Dor.

2. Kakawihan wangun monolog di antarana: Aanyaman, Ayang-ayang Gung, babagongan, Cingcangkeling, Cing Ciripit, Gobang gocir, jst.

Dumasar eusi, kakawihan loba nu ngagambarkeun kaayaan masarakat Sunda dina jamanna, magsa kakawihan diciptakeun. Eusi kakawihan loba nu ngagambarkeun kahirupan masarakat Sunda dina mangsa kakawihan diciptakeun. Wibisana spk (2000:387-396). Contona: Jung Jae, Ayang-ayang Gung, jst.

Papasingan kakawihan

Nilik kana wanguna, kakawihan barudak the sok dipasing-pasing jadi sababaraha golongan. Di antarana:

a. Wangun paparikan

Kakawihan wangun paparikan nya eta wanguna saperti paparikan, aya cangkang jeung eusi. Bedana, unggal padalisana teu matok 8 engang, anu penting asal sasora.

Conto:

TAT TIT TUT

Tat tit tut daun kaliki

Saha nu hitut budak lalaki

Tat tit tut daun kanyere

Saha nu hitut budak awewe

b. Kakawihan laras wekas

Kakawihan laras wekas nya eta kakawihan anu murwakanti engang tungtung, boh dina kecap-kecap dina saungkara boh dina kecap-kecap dina antar padalisan.

Conto:

EUNDEUK-EUNDEUKAN

Eundeuk-eundeukan lagoni

Meunang peucang sahiji

Leupas deui ku nini
beunang deui ku aki

c. Kakawihan margaluyu

Kakawihan margaluyu nya eta kakawihan anu kecap atawa engang dina tungtung padalisan, dibalikan deui dina awal padalisan, dibalikeun deui dina awal padalisan sapandeurieunana.

Conto:

AYANG-AYANG GUNG

Ayang-ayang gung

Gung goongna rame

Menak ki mas Tanu

Nu jadi wadana

Naha maneh kitu

Tukang olo-olo

Loba anu giru

Rukat jeung kompani

Niat jadi pangkat

Katos kagorengan

Ngantos kanjeng dalem

Lempa-lempi lempong

Ngadu pipi jeung nu ompong

d. Kakawihan mondoan kawit

Kakawihan mondoan kawit nya eta kakawihan anu malikan (mindo) kecap anu sarua dina awal padalisana.

Conto:

PUNTEN MANGGA
Punten… mangga

Ari ga, gatot kaca

Ari ca, cau ambon

Ari bon, bonteng asak

Ari sak, sakit perut

Ari rut, rujak asem

Ari sem, sempal sempil

Ari pil, pilm rame

Ari me, meja makan

Ari kan, kantong kosong

Ari song, song-song lampu

Ari pu, pulau bali

Ari pu, puak paok

Ari wok, wok berewok

sumber: http://astriecollections.blogspot.com/2009/10/kakawihan.html

CONTO kakawihan sejenna tiasa didownload dina link ieu di handap

kakawihan


Page 6

KAMAMPUH NYARITA NGAGUNAKEUN BASA SUNDA SISWA KELAS X 7 SMA NEGERI I SINGAPARNA DINA SAWALA DEBAT  1)

AdeRisna Suhendi  2)

ABSTRAK

Penelitian ini berjudul Kamampuh Nyarita Ngagunakeun Basa Sunda Kelas X 7 SMA Negeri I Singaparna dina sawala debat. Permasalahan dalam penelitian ini adalah kemampuan bicara dalam Bahasa Sunda. Metode yang digunakan adalah metode deskriptif dengan teknik tes, sedangkan yang menjadi objek penelitiannya adalah siswa kelas X 7 SMA Negeri I Singaparna Tasikmalaya. Dalam penelitian ini bertujuan mendeskripsikan kemampuan bicara dalm bahasa Sunda serta mendeskripsikan kesalahan-kesalahannya selama berbicara. Metode yang digunakan adalah debat.

Berdasarkan hasil penelitian ini, dapat disimpulkan bahwa rata-rata kemampuan berbicara bahasa Sunda Kelas X 7 SMA Negrui I Singaparan dalam debat adalah dalam tingkatan sedang, artinya mampuh berbicara untuk keperluan yang kompléks serta memberikan respon pada lawan bicara dengan sederhana. Kesalahan-kesalahan yang digunakan umumnya karena pengaruh dari bahasa Indonesia. Struktur kata, struktru kalimat, serta kosa kata yang digunakan banyak yang menggunakan bahasa Indonesia.

1)    Skripsi ini di bawah bimbingan Drs. Usep Kuswari, M.Pd. dan Drs. Dingding Haerudin, M.Pd.

2)    Mahasiswa jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni Universitas Pendidikan Indonesia


Page 7

BAB I

BUBUKA

1.1. Kasangtukang Masalah

Manusa mangrupa mahluk sosial nu teu bisa hirup nyorangan. Salaku mahluk sosial, manusa salawasna hirup babarengan jeung papadana. Ku alatan éta hal, komunikasi jadi hal anu kacida pentingna. Nyarita mangrupa cara nu digunakeun ku manusa pikeun ngalancarkeun ieu komunikasi.

Rahman, dina Raksarasa (2004;146) nyebutkeun yén nyarita téh nya éta kagiatan nepikeun maksud (ideu, pikiran, eusi haté) ti hiji jalma ka jalma séjén nu ngagunakeun basa lisan malar éta maksud téh kahartieun ku nu ngaregepkeun.

Nyarita kaasup kana kaparigelan basa nu sipatna produktif. Nyarita mangrupa sarana nu digunakeun pikeun nepikeun maksud atawa informasi ti hiji pihak ka pihak séjén, ku lantaran kitu nyarita kudu ditepikeun kalawan bener tur hadé sangkan maksud caritaan bisa katarima ku pangregep kalawan bener. Pikeun nyumponan éta hal, élmu pragmatic dipikabutuh pisan. Pragmatik medar bag-bagan makéna basa pikeun kaperluan nu tangtu dina hiji situasi.

Dina pangajaran basa Sunda di sakola, nyarita kaasup salasahiji aspék nu diajarkeun. Dina Kurikulum Tingkat Satuan Pendidikan, pangajaran nyarita miboga tujuan sangkan siswa mahér nyarita dina rupa-rupa situasi. Ieu hal bisa katitén tina standar isi kamampuh nyarita, nya éta:

“Mampu berbicara secara efektif dan efisien untuk mengungkapkan pesan (pikiran,perasaan,keinginan) dalam berbagai bentuk dan jenis kesempatan berbicara dalam berbagai bentuk wacana lisan.”

Kuswari dina Raksarasa ( 2004;166) nétélakeun yén pangajaran basa Sunda kudu ngagunakeun pamarekan komunikatif. Pamarekan komunikatif  nganggap yén basa teu bisa diwatesanan sacara linguistik, tapi sacara sosiolinguistik. Ku kituna, supaya pangajaran basa leuwih éféktif, nu diajarkeun téh lain téori-téori basa, tapi cara atawa latihan ngagunakeun basa anu luyu jeung pungsi-pungsi basa sacara sosiolinguistik.

Kamampuh nyarita tiap jalma tangtu béda-béda. Siswa salaku nu diajar basa Sunda, dina ieu hal nyarita, miboga kamampuh nyarita nu béda-béda ogé. Pikeun mikanyaho kamampuh nyarita siswa, bisa digunakeun sababaraha cara, salasahijina ngaliwatan sawala di kelas.

Dina Kurikulum Tingkat Satuan Pendidikan (KTSP) basa Sunda, sawala kelompok jadi salahiji kompetensi dasar tina kamampuh nyarita. Tujuan tina sawala nya éta sangkan siswa ancrub langsung kana pangajaran sarta diajar ngedalkeun sakur pamadegan, dina ieu hal patalina jeung salasahiji aspék kaparigelan makéna basa, nya éta nyarita.

Dina sawala kelompok tangtu mikabutuh masalah. Winarno (1986;43) nétélakeun yén masalah nu dipedar dina diskusi kudu miboga alternatif alternatif  jawaban, henteu mutlak. Dina sawala kelas, guru miboga peran nu penting pisan. Nurutkeun Piaget, guru kudu ngawasa téknik-téknik probling jeung counter-sugestion nya éta bisa nyindekkeun sarta méré stimulus ka siswa.

Muhamad Surya (2003;59) nétélakeun yén sawala kelas kaasup kana modél Concurrent Learning (pangajaran sacara babarengan) sabab aya partisipasi ti siswa, dilakukeun dina forum terbuka, sarta suasana démokratis.

Malvin L. Silberman (2006;140) nétélakeun yén aya sababaraha stratégi nu bisa digunakeun ku guru pikeun ngaéféktifkeun diskusi di kelas nya éta debat aktif, diskusi panel, argument tandingan, maca kalawan bedas, nambahan anggota diskusi panel, sarta pengadilan ku hakim. Eta stratégi bisa digunakeun pikeun ngarangsang sikep kritis siswa kana masalah nu disodorkeun, béh dituna pikeun ngaronjatkeun kamampuh nyarita siswa.

Debat mangrupa variasi tina metode sawala. Debat bisa dilakukeun pikeun nambahan variasi dina pangajaran nyarita. Wiyanto (2003;4) nétélakeun yén debat téh nya éta kagiatan sawala antara dua urang atawa leuwih nu masing-masing silih pangaruhan sangkan narima pamadegan atawa usulna.

Tujuan utama debat dilakukeun di kelas nya éta pikeun ngaronjatkeun kamampuh siswa dina ngedalkeun sakur pamadeganna, leuwih jauhna kamampuh nyaritana. Dina debat, kamampuh mikir sacara logis, kritis, bener-bener kaasah. Peserta, nu dina ieu hal mah siswa dipaksa pikeun nyarita, ngajawab sakur argumén ti lawan.

Dina pangajaran nyarita, siswa can bisa nyarita ngagunakeun basa Sunda kalawan bener tur hadé. Tapi éta téh masih mangrupa sawangan atawa hipotesis wungkul. Nepi ka danget ayeuna can aya panalungtikan nu medar ngeunaan kamampuh nyarita siswa ku basa Sunda. Ku alatan éta hal, ieu panalungtikan baris ngadéskripsikeun kamampuh nyarita siswa ku basa Sunda dina sawala debat. Siswa nu jadi subjek penelitianna nya éta siswa kelas X 7 SMANegeri I Singaparna Tasikmalaya.

1.2. Watesan Masalah

Dina ieu panalungtikan diwatesanan ku kamampuh siswa ngagunakeun basa Sunda dina sawala debat, nu dilaksanakeun di kelas X 7 SMA Negeri I Singaparna Tasikmalaya. Baris dipedar ogé kasalahan-kasalahan siswa dina ngagunakeun basana.

1.3. Rumusan Masalah

Anu jadi masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina kalimah pananya ieu di handap:

a)         Kumaha kamampuh siswa ngagunakeun basa Sunda siswa dina sawala debat?

b           Naon waé kasalahan siswa dina ngagunakeun basa Sundana?

1.4. Tujuan Panalungtikan

Tujuan nu rek dihontal dina ieu panalungtikan nya éta ngadéskripsikeun:

a)     kamampuh ngagunakeun basa Sunda siswa dina sawala debat.

b)    kasalahan siswa dina ngagunakeun basa Sundana.

1.5.  Mangpaat Panalungtikan

  • Sacara téoritis ieu Panalungtikan dipiharep miboga mangpaat pikeun nambahan téori pangajaran basa, hususna metode pangajaran nyarita dina sawala.
  • sedengkeun mangpaat praktisna nya éta pikeun mikanyaho kamampuh nyarita basa Sunda siswa.

1.6. Anggapan Dasar

Nu jadi anggapan dasar dina ieu Panalungtikan nya eta:

a)         kamampuh nyarita basa Sunda siswa kurang pisan.

b)        kamampuh nyarita basa Sunda siswa loba kapangaruhan ku basa deungeun.

c)         Pangajaran basa Sunda baris leuwih éféktif nalika siswa diajar ngagunakeun basa ku cara latihan makéna basa.

.


Page 8

Ieu di handap mangrupa data panalungtikan skripsi simkuring. Datana mangrupa pok-pokan siswa nu keur ngalaksanakeun debat Basa Sunda. Objek panaungtikanna nya éta siswa kelas X7 SMAN I Singaparna taun 2008.

Lumangsungna Debat

Téma               : Harga BBM naék

Tim Pro           : Nita Yunita

Sani Nuraini

Tia Nurlatifah

Tim Kontra      : Siti Nuroniah

Detty Herlianisy

Shilmi Purnama

Nita              : Panginten, alesan pamaréntah naékkeun BBM téh kumargi nagara Indonesia téh nuju aya dinakrisis ékonomi. Janten, salasahiji jalan kaluarna nya éta naékkeun harga BBM, kumargi produksi dalam negeri di Indonesia teu nyukupan kanggo konsumsi BBM nagara Indonesia. jadi, Indonesia ngaimpor ti luar negeri BBM éta. Sedengkeun di luar negeri harga BBM per barelna naek. Jadi pamarentah naekkeun BBM kumargi pamrentah tos teu tiasa merpertahankeun deui atanapi tos teu masihan dei subsidi ka masarakat. Dina anggaran, dina APBN pamarentah nyadiakeun 90, sekitar 900 triliun, tétapi, namung harga BBM di luar negeri tos mencapai sekitar 1200 dolar atau sekitar 120, eh 1200 dolar. Jadi jalan ka,luarna nya éta ku naékkeun harga BBM, masarakat ogé diharapkeun aya perhatosanana, pengertianana, kumargi nagara indonesia téh aya dina krisis. Jadi ku ayana kenaikan harga BBM, insya Alloh saalitana, minimal ngirangan hiji dua krisis di Indonesia.
Siti               : Saur abdi mah salah juga ya presidén, saur abdi mah aya lepatna ogé SBY kapungkur pernah ngungkapkeun BBM téh moal naék. Saur abdi mah SBY teh ulah waka ngungkapkeun anu kitu. Aya salahna ogé, aya lepatna ogé SBY téh. SBY janji BBM moal ditaékkeun tapi diturunkeun, tapi buktina malah naék, jadi rakyat gé keuheul ka SBY naha bet kitu.
Shilmi          : Kan saur kelompok nu tadi, bangsa Indonesia téh nuju aya dina krisis, jenten naékkeun BBM teh tiasa janten solusi. Saur kelompok abdi mah justru nya ayeuna téh urang téh nuju krisis ékonomi, nuju terpuruk.
Sani             : Kelompok éta tadi nyebatkeun takyat miskin hungkul, ngan rakyat miskin hungkul anu ngarasakeun subsidi tina BBM, tapi kan sehari­hari urang sadayana teh nganggo minyak tanah. Minyak tanah éta teh sudah, tos disubsidi ku pamaréntah. Saleresna mah kedahna harga minyak tanah tos lima rébu ngan ayeuna disubsidi ku pamaréntah jadi dua rébu, jadi saur kelompok abdi pamaréntah kirang.
Tia               : Kieu wé ayeuna mah, misalna téh kieu, lamun minyak teu ditaékkeun tangtu hutang nagara teh beuki nambahan. Tah atuh lamun hutang nagara beuki nambahan mah engké téh neumbleuhkeun deui ka rakyat, angger rakyat biasa, rakyat handap deui nu dirugikeun. Da saleresna mah naékkeun BBM téh sanés ti taun ayeuna, tapi kedahna mah ti taun-taun sebelumna, ngan pédah présidén-présidén nu sebelumna téh ngarasa lamun teu ditaékkeun ayeuna manéhna sieun teu kapilih deui. Jadi intina mah BBM téh saleresna mah kedah ditaékkeun ti taun-taun sebelumna. Ku lantaran présidén nu sebelum­-sebelumna ngarasa lamun ayeuna ditaékkeun BBM, contona waé ayeuna ditaékkeun BBM kalah neumbleuhkeun ka presidén nu ayeuna, jadi presidén teh merasa terhina. Asa.. kumaha nya..asa dilécéhkeun ku rakyat. Ayeuna kan akibatna karaos ku urang. Tah lamun ayeuna teu ditaékkeun rék iraha deui. Mun ditaékkeun ti ayeuna kénéh pasti ke depanna, ka payunna moal deui krisis ékonomi. ku lantaran sahenteuna lamun ditaékkeun BBM kan otomatis kana APBN ogé pasti bakal nambahan sarta bisa ngurangan hutang nagara.
Siti               : Saur abdi mah salah juga ya presidén, saur abdi mah aya lepatna ogé SBY kapungkur pernah ngungkapkeun BBM téh moal naék. Saur abdi mah SBY teh ulah waka ngungkapkeun anu kitu. Aya salahna ogé, aya lepatna ogé SBY téh. SBY janji BBM moal ditaékkeun tapi diturunkeun, tapi buktina malah naék, jadi rakyat gé keuheul ka SBY naha bet kitu.

Téma               : Artis jadi Pejabat

Tim Pro           : Gumanti M. subagja

Hatib Setiana

Wais Alqomi Abadi

Tim Kontra      : Garnis Nurida

Annisa  Afriyanti

Fitriyanti  Khasanah

Gumanti       : Menurut abdi mah ditingali tina segi kamampuhanana, da ditingali-­tingali deui pendidiknanan artis-artis ayeuna rata-rata tos ningkat. Kitu mun di tingali tina pendidikanana. Teras urang ogé naon téh urang ogé teu menolak kumargi da upami pamingpin téh pasti ngagaduhan, naon téh, tanggungjawab sareng cita-cita nu ku anjeunna bakal di programkeun. Ku kituna urang teu kenging langsung menolak sateuacan ningali kumaha saatos para artis jadi pamingpin, paktana kumaha kituh. Pami saé kan urang tiasa ngadukung.
Garnis          : panginten abdi mah rada kirang setuju, kumargi kan upami artis mah kan ti nuju alitna teh dilatihna kana kaartisan, bukan pada yang, sanés kana politik. Ari artis kan rata-rata apa yang, naon anu ku manéhna diucapkeun dina sinetron sanés kanyataan mung bohong. Janten artis mah rata-rata pokusna téh kana kaartisanana sanés kana ngajantenkeun Indonesia maju. Muhun éta oge aya kahoyong ngamajukeun Indonesia., tapi maranéhanana teh henteu sakola nu leres kana politik sareng hukum téh.
Hatib            : janten kieu nya teu sadayana artis berpendidikan rendah, contona Ruhut Sitompul kan sarjana hukum. Dede Yusup kan kapungkurm anggota DPR. Janten teu sadayana artis barodo, aranjeunna téh gaduh pangalaman. Kunaon éta artis-artis di urang janten pejabat nya? Kumargi aranjeunna téh tos gaduh kakuatan pengajakna téh agueng. Pas ningali nu ngajak si anu, mun diajak ku si anu mah, sapertosna téh pami diajak ku Dédé Yusup mah pasti hayu waé, teras upami diajak ku abdi, abdi teu acan terkenal.
Anisa           : Tapi kan éta téh dimangpaatkeun ku artis nu bariasa, ngakibatkeun ayana politik uang. Ayeuna artis anu bariasa bisa janten pejabat, éta teh diturutan.
Gumanti       : menurut abdi mah, naon téh, pami ditingali tina segi popularitas sareng masalah uang teu sadayana artis tiasa kitu, kumargi da teu artis waé nu ngagaduhan popularitas. Agum Gumelar ogé pan tos kénging simpati ti masarakat tos dipandang luhur ku masarakat téh. Teras ayeuna mah anu, intina mah masarakat gé tos tiasa berpikir tos tiasa ningali kayaan politik di nagara urang.
Fitriyanti      : Teu sadayana masarakat pinter, seueur ogé masarakat nu kirang, contona nalika kamari Déde Yusup ka daerah urang, ngajanjikeun jadi pejabat anu bageur, seueur masarakat anu terbujuk.
Wais            : Saur abdi mah nya teu Dédé Yusup anu kitu téh, Agum Gumelar ogé sami. Artis kurang tanggungjawab kumaha? artis pan ngadak-ngadak pami ngiringan janten pejabat, kaluar heula tina kaartisanana téh.

Téma               : Sakola Gratis

Tim Pro           : Annisa Octa Y

Ira Meilani

Natasya Soraya

Tim Kontra      : Aditia Damayanti

Ersena Frisilia

Rani  Dilla O

Annisa Octa : Panginten kaleresan pami pamaréntah tiasa, kelompok abdi ngarojong pisan ka pamaréntah teh, yén pamaréntah tiasa ngadamel sakola gratis, asal pamaréntah tiasa ngagunakeun asét-asét nu aya di daerahna. Ayeuna tong muluk-muluk ka nagara ka bangsa lah, ka daérah nyalira heula, pamaréntah yakin tiasa, kan di tiap daérah téh gaduh sumber daya alam, sumber daya ti pariwisatana ogé, tah ti dinya teh pamaréntah téh, janten pamaréntah tiasa ngaékploitasi tina daérah­daérah anu yakin lah tiasa ngahasilkeun sesuatu anu berguna, istilahna mah kanggo danana lah.
Aditia           : Pamadegan kelompok abdi mah nya kirang satuju kana rencana pamarentah éta téh. Tiasa katingali ku urang ayeuna kumaha kaayaan nagara urang. Ayeuna lamun pamaréntah maksakeun kedah aya sakola gratis ti SD dugi ka SMA, asa moal, kecualina pami salasahijina. Misalna téh taun ayeuna mah SDna taun engké mah SMP. Kunaon abdi nolak? Kumargi tingali ayeuna mah pamaréntah téh seueur hutang, tong boro sakola gratis, kanggo nga éta hutang ogé teu tiasa.
Natasya        : Pamaréntah kan dinamis, robah-robah. Ayeuna pamaréntah nuju krisis, siapa tahu engké mah henteu. Tadi saur anisa, pamaréntah asal gaduh kayakinan, gaduh keinginan pasti tiasa. Ayeuna kan tiap daerah punya asét.
Ersena         : Menurut kelompok abdi mah, tong boro kana pendidikan ti SD dugi ka SMA kanggo pasilitas ka sakola ogé jarang nya?
Rani             : Ayeuna kerja hésé, sakola tinggi-tinggi, angger nu penting mah agama. Ayeuna masarakat mikir kieu, keur naon sakola? nu penting mah digawé. Tah ieu teh mana, sakola gratis téh naon gunana.
Ira                : Kieu panginten nya, ayeuna lamun nyandak kana agama, pangintn dina agama oge aya hadis ti mimiti urang gubrag ka alam dunya dugi ka liang kubur teh mancari élmu. Dina mencari élmu éta téh henteu di sakola waé tapi dimana waé.
Ersena          : Ayeuna mah tingali dunya nyata wé nya. Seueur pengangguran, utang dimana-mana, pamaréntah kedah mikirkeun éta.
Annisa         : kieu nya pamaréntah kudu mikirkeun rakyat, ayeuna aya buktina teu pamaréntah mikirkeun rakyat? Pendidikan téh tandana pamaréntah mikirkeun rakyat. Kumaha carana, asal pamaréntah punya keyakinan anu kuat tiasa ngabangun éta sakola.

Téma               : Sakola Gratis

Tim Pro           : Zulfahmi

Rizki Yordan

Argi argiansyah

Tim Kontra      : Hana Faijah

Desi Fatwani

Firda Firdaus

Zulfahmi      : Sakola gratis ayeuna teu acan kalaksanakeun, tapi saur abdi mah pami tos dijantenkeun ieu program, insya Alloh bakal aya nu mendukung, boh pamarentah éta mah, boh PEMDA atanapi PEMKOT, kadieuna masarakat pasti ngarojong pisan. Kumargi dina agama ogé di sebatkeun innama a’malu biniyat, niat téh tergantung kana étana. Ari abdi mah saé pisan pamaréntah gaduh rencana kanggo ngagratiskeun sakola, komo deui ti SD dugi ka SMA. Pan ayeuna teh urang nuju susah kite nya, berarti pamaréntah gaduh pipikiran kumaha carana ngalereskeun jalmi-jalmi rakyat anu jalata di Indonesia, ditaékkeun kana garis kemiskinan.
Hana            : kelompok abdi mah teu setuju, soalna kan sok ayeuna bisa was ngagratiskeun sadaya sakola, tapi kan orang-orang na teu tiasa. Boro­boro ngagartiskeun sakola, pamaréntah téh banyak, seueur pengorbana-pengorbanan belaannana naon kituh. Ayeuna was kan saur Zul tadi, saé mengurangi moneter. Boro-boro kitu ayeuna kan di kelas urang mayarna ageung, jalmi-jalmina téh aya nu haré-haré dina belajarna teh aya nu semangat, jadi kan pamaréntah ngagratiskeun sakola, tergantung jalmi-jalmina, kan aya nu males, engkéna téh pamarentah bakal capé gawé teu kapaké.
Argi             : Tiasa waé nya sakola di gratiskeun ti SD dugi ka SMA, janten pan BBM sareng biaya sakola ageung kénéh biaya sakola, tiasa waé biaya BBM téh kana sakola.
Desi             : daripada sakola digratiskeun, tapi hasilna sia-sia tetep ngalahirkeun pangangguran.
Rizki            : Tadi kan nyebatkeun masalah pekerjaan, tapi sateuacan pekerjaan teh kedah sakola heula, diajarkeun heula ku pamaréntah téh, jadi pekerjaanna teh tinggi kituh tangtos kenging panghasilan nu tinggi oge. Éta teh pamarentah masihan tiasa bea siswa kanu sakola
Firda            : Lamun pamaréntah ngayakeun sakola gratis, naon hasilna kitu? Seueur mahasiswa nau sakola tingai tetep nganggur. Ayeuna tingali anu SD anu teu tamat sakolana kan bisa suksés, teu kedah sakola. Pamaréntah téh daripada ngagratiskuen sakola, danana téh tiasa kanggo ngadamel lapangan pekerjaan.
Zulfahmi      : Tadi aya pertanyaan pamaréntah sanggup teu ngagratiskeun sakola? Ku abdi dijawab sanggup. Ayeuna tadi masalah aya nu teu rajinna, pamarentah geus capé-capé. Abdi mah yakin pamarentah gaduh pikiran anu teu pondok pasti panjang. Anu teu bener diajarna téh, yakin pemerintah gaduh taktik tersendiri kanggo menghadapi éta siswa kitu. Komo deui ayeuna lamun misal kieu ayeuna abdi teu leres tapi abdi dibiayaan ku pamaréntah yakin pan pami di sakola administrasi negara mah di DO  kararitu téh.

Téma               : Sakola Gratis

Tim Pro           : Zulfahmi

Rizki Yordan

Argi argiansyah

Tim Kontra      : Hana Faijah

Desi Fatwani

Firda Firdaus

Zulfahmi      : Sakola gratis ayeuna teu acan kalaksanakeun, tapi saur abdi mah pami tos dijantenkeun ieu program, insya Alloh bakal aya nu mendukung, boh pamarentah éta mah, boh PEMDA atanapi PEMKOT, kadieuna masarakat pasti ngarojong pisan. Kumargi dina agama ogé di sebatkeun innama a’malu biniyat, niat téh tergantung kana étana. Ari abdi mah saé pisan pamaréntah gaduh rencana kanggo ngagratiskeun sakola, komo deui ti SD dugi ka SMA. Pan ayeuna teh urang nuju susah kite nya, berarti pamaréntah gaduh pipikiran kumaha carana ngalereskeun jalmi-jalmi rakyat anu jalata di Indonesia, ditaékkeun kana garis kemiskinan.
Hana            : kelompok abdi mah teu setuju, soalna kan sok ayeuna bisa was ngagratiskeun sadaya sakola, tapi kan orang-orang na teu tiasa. Boro­boro ngagartiskeun sakola, pamaréntah téh banyak, seueur pengorbana-pengorbanan belaannana naon kituh. Ayeuna was kan saur Zul tadi, saé mengurangi moneter. Boro-boro kitu ayeuna kan di kelas urang mayarna ageung, jalmi-jalmina téh aya nu haré-haré dina belajarna teh aya nu semangat, jadi kan pamaréntah ngagratiskeun sakola, tergantung jalmi-jalmina, kan aya nu males, engkéna téh pamarentah bakal capé gawé teu kapaké.
Argi             : Tiasa waé nya sakola di gratiskeun ti SD dugi ka SMA, janten pan BBM sareng biaya sakola ageung kénéh biaya sakola, tiasa waé biaya BBM téh kana sakola.
Desi             : daripada sakola digratiskeun, tapi hasilna sia-sia tetep ngalahirkeun pangangguran.
Rizki            : Tadi kan nyebatkeun masalah pekerjaan, tapi sateuacan pekerjaan teh kedah sakola heula, diajarkeun heula ku pamaréntah téh, jadi pekerjaanna teh tinggi kituh tangtos kenging panghasilan nu tinggi oge. Éta teh pamarentah masihan tiasa bea siswa kanu sakola
Firda            : Lamun pamaréntah ngayakeun sakola gratis, naon hasilna kitu? Seueur mahasiswa nau sakola tingai tetep nganggur. Ayeuna tingali anu SD anu teu tamat sakolana kan bisa suksés, teu kedah sakola. Pamaréntah téh daripada ngagratiskuen sakola, danana téh tiasa kanggo ngadamel lapangan pekerjaan.
Zulfahmi      : Tadi aya pertanyaan pamaréntah sanggup teu ngagratiskeun sakola? Ku abdi dijawab sanggup. Ayeuna tadi masalah aya nu teu rajinna, pamarentah geus capé-capé. Abdi mah yakin pamarentah gaduh pikiran anu teu pondok pasti panjang. Anu teu bener diajarna téh, yakin pemerintah gaduh taktik tersendiri kanggo menghadapi éta siswa kitu. Komo deui ayeuna lamun misal kieu ayeuna abdi teu leres tapi abdi dibiayaan ku pamaréntah yakin pan pami di sakola administrasi negara mah di DO  kararitu téh.

Téma               : Harga BBM naék

Tim Pro           : Ingga Ratna D

Nenden Maulida
Tiara Anggraeni

Tim Kontra      : Ia Kania Dewi

Fauzia Nurul H

Karina Nurfitri

Ingga           : Kana naékna BBM ieu kelompok abdi setuju, améh Indonesia leuwih maju ti ayeuna. kumargi Indonesia teu tiasa terpuruk waé teu aya perubahan-perubahan anu signifikan kanggé anu akan datang. Tah, dina naékkeun BBM ieu pemerintah tiasa nyalametkeun APBN, tiasa ngabantos kalangan rendah, anu di handap ku ayana BLT.
Ia                 : Mungkin, oh panginten lepat penyelengaraanan hungkul. Ti Pamareéntah tos sae kanggo jalmi-jalmi anu teu mampu, tapi kan ka handap-handapna téh saperti ka camat kepala desana mah benten deui, aya KKN lah. Tah éta hal téh mungkin, kumargi minyak tanah kan nu diabotkeun ku masarakat alit mah. Kieu wé atuh nya, ari masarakat alit mah boro-boro mobil anu ngaggo bahan bakar solar nu kararitu, kan teu gaduh. Masarakat alit mah nu dipermasalahkeun teh minyak tanah, da ari orang kaya mah jarang kan nu nganggé minyak tanah, pasti gas waé améh téréh kitu. Nah mungkin, panginten ari masarakat mah teu setuju téh dina minyak tanah.
Nenden        : Emang minyak tanah nu janten sumber utama, tapi kan pamaréntah ogé tos nyoba ngasubsidi minyak tanah éta, ti payun kénéh diepét-epét waé naékna téh, tapi kan ayeuna naékna mah Indonesia tos teu tiasa ngolah minyak tanah sendiri, nyalira, sumberna tos diical.
Tiara           : Kieu wé atuh nya, orang kaya mah sibuk kan? Piraku badé masak mie waé ngahurungkeun heula kompor. Hoyongna téh nu praktis-praktis biasana mah ku gas. Emang bukan salah pemerintah yang sekarang, nu ayeuna, kunaon sieun naékkeun harga BBM, kusabab presidén sieun digulingkeun.  Tapi pami nganggo gas tiasa langkung irit.
Ingga           : Tapi kan pamaréntah tos nyadiakeun kaompor gas kanggo gentos minyak tanah, disertai cara pemakaianana.
Fauzia          : Tapi kan kompor gas éta aya isi ulangna, isi ulangna teh kaétang awis oge sesah.
Tiara            : Tapi pami nganggo gas tiasa langkung irit.
Karina          : Pamaréntah kedahna mikir kieu, pami harga hiji barang naék barang nu sanésna ogé sok naék. Pami harga minyak naék biasana mah gas ogé naék.

Téma               : Sakola Gratis

Tim Pro           : Fauziah Samsiatul

Pina Herlina

Tim Kontra      : Tri Fahmi Fauzi

Tria M. Tresna

Fauziah        : Sakola gratis saleresna mah tiasa, asal pamaréntah tiasa memperbaiki pamarentahna sorangan. Masalah nu salila ieu aya téh nya éta ayana korupsi di pamaréntah, dana nu aya seueur kapotong ku nu KKN ieu.
Tri Fahmi    : Tapi kieu, Negara Indonesia kan luas. Janten pami sadayana sakola di Indonesia digratiskeun asa moat mungkin, sabab merlukeun dana anu ageung pisan
Tria              : Lamun pamaréntah daerah masing-masing nu ngalakukeunna, pasti sakola gratis tiasa terlaksana. Apalagi di éra otonomi daérah sapertos ayeuna, peran pamaréntah daérah nu lebih dominan dina masarakat téh..
Pina             : Kieu wé atuh nya, orang kaya mah sibuk kan? Piraku badé masak mie waé ngahurungkeun heula kompor. Hoyongna téh nu praktis-praktis biasana mah ku gas. Emang bukan salah pemerintah yang sekarang, nu ayeuna, kunaon sieun naékkeun harga BBM, kusabab presidén sieun digulingkeun.  Tapi pami nganggo gas tiasa langkung irit.
Fauziah        : Tapi kan pamaréntah tos nyadiakeun kaompor gas kanggo gentos minyak tanah, disertai cara pemakaianana.
Fauzia          : Kieu wé atuh, ayeuna pamaréntah daerah kedah mencari poténsi­-poténsi nu aya di daérahna kanggé nambihan biaya. Pami kalaksanakeun, sakola gratis tiasa kalaksanakeun ogé.
Tri Fahmi    : Pamaréntah kedah ngemutan deui nu mana nu kedah diutamakan, naha sakola gratis atanapi kemiskinan. Menurut abdi mah kemiskinan heula nu kedah ditanggulangi, nembé sakola gratis.

Téma               : Sakola Gratis

Tim Pro           : Nining S.

Fitri Desiyana

Tria Mustari

Tim Kontra      : Dida achmad F

Hilman Faturrahman

Trisna Multriansyah

Nining         : Saur abdi mah rencana pamaréntah ngagratiskeun sakola téh saé pisan. Pami teu lepat, dina Undang-undang ogé, pendidikan teh janten tanggungjawab pamarentah. ngagratiskeun sakola tiasa janten solusi kana pendidikan Indonesia anu rendah.
Dida             : Menurut kelompok abdi mah, pendidikan téh memang tanggungjawab pamaréntah, tapi bukan, éh sanés ku cara ngagratiskeun sakola, sabab moal tiasa kalaksanakeun, da merlukeun dana anu ageung.
Tria              : Ari masalah dana mah tiasa dipilarian. Asal aya kemauan nu kuat sareng usaha nu maksimal ti pamaréntah, sakola tiasa gratis. Sumber dana mah tiasa tina gajih pejabat anu arageung pisan, tiasa dipotong kanggo ngagratiskeun sakola.
Hilman         : Negara Indonesia téh luas pisan, sakolana seueur pisan. Pami sakola digratiskeun sadayana, asa moal mungkin. Kecuali bertahap. Misalna ayeuna mah di Pulau Jawa, taun engkéna daérah-daérah nu sanés.
Nining         : Pamaréntah Indonesia terkenal ku korupsina. Ayeuna kan aya KPK nu tugasna memberantas korupsi. Pami dana nu dikorupsi tiasa dicandak deui, seueur pisan. Dana éta tiasa kanggo kana pendidikankeun.
Trisna          : Tapi pami ditingali ku urang, korupsi téh sanés ngirangan, tapi beuki nyeueuran. Dana pamaréntah seuer kunu dikorupsi. Ayeuna pamaréntah gaduh dana nu saalit, moal mungkin pami ngagratiskeun sakola.aya di daérahna kanggé nambihan biaya. Pami kalaksanakeun, sakola gratis tiasa kalaksanakeun ogé.
Tri Fahmi    : Pamaréntah kedah ngemutan deui nu mana nu kedah diutamakan, naha sakola gratis atanapi kemiskinan. Menurut abdi mah kemiskinan heula nu kedah ditanggulangi, nembé sakola gratis.


Page 9

Lecture Note 02

STATISTIKA DESKRIPTIF

PENYAJIAN DATA TABEL DAN GRAFIK

oleh: Kusnendi*

1. Tujuan

<  Menyajikan data yang dikumpulkan dari populasi dan atau sampel menjadi data yang tertata secara sistematis sehingga bermakna informasi untuk membantu pengambilan keputusan pihak-pihak yang berkepentingan.

2. metode PEnyajiaN data: TABEL dan GRAFIK

q  TabeL: tunggal (satu variabel) dan ganda (multi variabel).

TABEL 2.1

Jumlah Pegawai Perusahaan A Menurut Golongan, Umur dan Pendidikan Tahun 2005

Golongan

Umur (tahun)

Pendidikan

25-35

> 35

Bukan Sarjana

Sarjana

I

40

50

90

0

II

45

52

97

0

III

120

275

185

210

IV

2

25

0

27

Jumlah

207

402

372

237

Sumber: Data Hipotetis.

Nu disebut eusi dina wangun sisindiran nyaeta padalisan ka

Nu disebut eusi dina wangun sisindiran nyaeta padalisan ka

*Dosen Pascasarjana UPI bandung dan Mata Kuliah Statistik Pascasarjana UNIGAL

untuk mendapatkan file lengkapnya silahkan didownload di link di bawah ini

STATISTIKA DESKRIPTIF PENYAJIAN DATA